naskah drama bahasa sunda

Naskah Drama

 

 

 

Alde                       : Neng, dangukeun Abi sakali ieu mah!

: Atos A, teu cekap Aa nganyenyeri hate Eneng. Kapungkur Aa nyia-nyiakeun cinta Eneng,  ayeuna waktos aya anu narosan Eneng Aa ngahahalang.

Alde                       : Memang Abi atos teu gaduh hak kanggo ngahalangan pameget sanes anu bade ngajadikeun Eneng istri, tapi Abi wantun  kieu kusabab emang ieu kanyataannana. Si Adit mah lain lalaki anu bener.

Ismi                        : Atos A, atos! Teu kenging ngaawon-awon pameget anu bakal jadi suami Eneng langkung ti kieupedah Aa teu gaduh naon anu ku Kang Adit dipigaduh, teu tiasa ngalakukeun naon anu ku Kang Adit tiasa, sareng teu tiasa ngabahagiakeun Eneng sapertos Kang Adit ngabahagiakeun Eneng. Ti  detik ayeuna, saena Aa teu kedah mendakan deui Eneng.Punten(bari ngaleos)

Ismi niggalkeun Yayangbari teu nolih-nolih deui ka lalaki anu pernah jadi kabogohna eta. Dibutakeun ku cinta jeung harta, Ismi ninggalkeun Adit anu baheula  geus lila jadi kabogohna sakitu  gampangna. Kaputusanna geus buleud.Kenangan mangtaun-taun jeung lalaki nu baheula dipikacinta na eta ngalir layakna cai wahangan.

Saenggeus kitu, Ismi balik ka imahna. Teu disangka, lalaki anu geus makekeun cincin papacangan dina jari na eta, Adit, kabeneran eukeur namu di imahna.

Lisna                      : Neng, timana wae? Yeuh si Akang titatadi ngantosan Eneng.Awon  tamu sina ngangantosan kieu, komo engke tos jadi caroge mah.

Adit                        : Keun we mah, namina oge parawan, aya waktuna kanggo ameng sareng rerencangannana.

Lisna                      : Muhun. Bari na oge masalah alit, teu kedah di ageung-ageung. Neng, tadi the mamah aatos ngobrol sareng cep Adit perkawis tanggal nikahan Eneng engke. Mamah atos sepakat sareng cep Adit yen nikahan na bade diayakeunana sasih enjing wae. Teu sae nikahan dilami-lami, sok seueur gangguannana.

Ismi                        : Sasih enjing? Upami saena kitu mah, Eneng teu kabeuratan.

Dibalik ekspresina anu tenang, Ismi ngarasa atoh kacida ku eusi obrolan anu ngeunaan rencana nikahannana jeung lalaki anu keur aya di hareupeunana eta.Dina waktu anu sarua, Yayang malah keur sedih ngabayangkeun awewe anu masih keneh dipikacintana bakal dikawin ku lalaki buraong anu teu pararuguh asal-usul kaluargana.

Yayang                  : De, aya naon? Diperhatikeun minggu-minggu ayeuna maneh teh asa anu keur loba pipikiran, hulang-huleng wae.

Alde                       : Hmm…

Yayang                  : “Hmm…”(ngaleleweaan) ieu mah pasti masalah jeung awewe,si Ismi. Geus atuh ulah dipikiran wae! Kabogoh lain, mantan enya, bogoh keneh deuih. Eh …  ketang heueuh hese mopohokeunna ge.

Alde                       : Lain ngubaran, kalah nambahan kanyeri manehmah.

Yayang                  : Heureuy eta mah. Nya, maksudna mah ulah nepi ka hiji awewe ngaruksak hirup maneh. Lamun emang geus dibejaan mah, geus we rek digugu rek henteu ge paduli. Da hanjakal mah engke bakal karasaeun ku sorangannana geura.

Suasana anu asalna suram saolah-olah sesek, aya kabut anu nutupan eta tempat lil-lila leungit ku kahadiran pamuda anu geus lila jadi babaturanana eta.

Isukna, Ismi kdatangan babaturan deukeutna eta anu oge babaturan Alde.

Tesa                       : Cie… nu rek kawin

Ismi                        : Sut ah! Isin

Tesa                       : Emang atos yakin?

Ismi                        : Yakin naon?

Tesa                       : Yakin bade sareng si kang Adit?

Ismi                        : Kunaon geuning?

Tesa                       : Nya, lamun jujur mah asa kurang srek we ka kang Adit teh.

Ismi                        : Naha geuning bet kitu?

Tesa                       : Nya keur mah teu salembur ongkoh jadi teu kenal, terus loba anu nyarioskeun awon ka si kang Adit teh.

Ismi                        : Pasti Eca ngadangu eta ti Alde nya?

Tesa                       : Teu penting tisaha-tisahana mah. Bade percaya bade moal kumaha di dinya. Abi mah teu gaduh hak kangggo maksa.

Sababaraha bulan ka harep teu disangka, naon anu ku Ismi samemehna teu dipercaya bener-

 

 

bener di alaman ku manehna sorangan. Amisna kahirupan panganten ngan ukur karasa di sababaraha bulan awal.Waktu-waktu lainna di eusi ku manehna kalawan peurih. Sifat asli Adit mulai bijil kagambar tina paripolahna anu kasar jeung sok saenakna. Hiji peuting Adit balik ti tempat gawena kalayan telat jiga biasana. Ismi mulai curiga tina kalakuanna anu sok aheng sapulang Adit ti tempat gawena.

Ismi                        : A, tos uih.

Adit                        : Mana sangu?

Ismi                        : Antosan sakedap A! Bade dihaneutkeun heula.

PRENG!!! (sora gelas peupeus)

Adit                        : Apal teu salaki waktuna balik?

Ismi                        : Punten A. Eneng teu terangAa bakal uih sa wengi kieu.

Adit                        : Geus sabaraha bulan maneh kawin jeung Aing? Can apal keneh iraha waktuna salaki balik?

Ismi                        : Eneng cape tadi siang uih damel. Upami Eneng teu damel, moal aya beas.

Adit                        : Aing mah teu hayang apal maneh pulang naon-naon ge. Lamun aing erek dahar, kudu geus nyampak.

Terus-terusan di kasaran, Ismi wani ngaluarkeun naon anu salama ieu dipendemna, naon anu salami ieu ngaganjel dina hatena.

Ismi                        : Kirang naon Abi salami ieu A? Artos ti Aa kirang, abi milarian deui damel kanggo ngabantosan Aa. Salami ieu Aa osok uih wengi ti mana wae? Aa osok judi? Atanapi naon anu ku tatanggi carioskeun the leres yen Aa teh ka istri anu sanes?

Adit                        : Aing teh salaki sia. Diajar tisaha geus wani ngalawan ka Aing?Erek judi, erek ka awewe deui, kumaha Aing.

(Adit ngaleos tinggalkeun imah)

Dina malem eta,Adit indit deui ka imah Amoy, awewe anu biasa di tepungannana unggal poe.

Adit                        : (datang ka imah Amoy bari jiga nu rarudet)

Amoy                    : Ku naon A?

Adit                        : Rarudet hah balik ka imah mah.

Amoy                    : matak ge mending didieu, make balik sagala. Bari na ge  nanaonan mertahankeun keneh rumah tangga jeung anu geus basi.

Adit                        : Ah itu mah itung-itung pembantu, pan aya anu herang didieu.

Amoy                    : Iraha atuh Aa ngawin Abi?

Adit                        : Lain teu hayang, tapi kudu ngadagoan waktu anu pas.

Amoy                    : Anu pas na iraha?

Adit                        : Lamun ujug-ujug ditalak, rugi meureun harta bakal dibawaan

Sevtie                   : Atuh hese-hese teuing hah, kari paehan.

Adit                        : Paehan kumaha? Lamun kapanggiheun ku polisi kumaha?

Sevtie                   : Atuh ulah kumaneh maehannana.

Adit                        : Kusaha atuh? Daek kitu?

Sevtie                   : Nitah atuh katukangna.

Adit                        : Apal teu jelema na?

Sevtie                   : Lamun erek, masalah eta mah serahkeun kadieu.

Adit                        : Alus atuh lamun kitu mah

Amoy                    : Lamun tikamari kieu teh

Malem eta dieusi ku Adit, Amoy, jeung babaturanna, Sevtie pikeun ngarencanakeun  rajapati jang Ismi. Lain deui di imahna, Ismi ngarasa naon anu di bantahna baheula tentang Adit jadi kabeneran. Nasehat lalaki anu pernah aya dina hatena, Alde jeung nasehat babaturanna karibna, Tesa dina malem eta ngahiung terus-terusan jadi kahaneueul.

Isukna, dina kaayaan prihatin ku kajadian anu peuting, Tesa datang namu kaimah Ismi.

Tesa                       : Assalamu’alaikum

Ismi                        : Wa’alaikumsalam. Mangga kalebet.

Tesa                       : Kunaon?

Ismi                        : Kunaon naon?

Tesa                       : Eta soca beureum, jiga anu uih nangis.

Ismi                        : oh … henteu.

Tesa                       : Kunaon? Sok we caritakeun! Da sanes batur Abi teh

Saenggeus sakitu lilana mendem kanyeri hirup rumah tangga jeung lalaki  anu jadi salaki na ayeuna, Ismi ahirna bisa ngaluarkeun sagala, kasusah, kanyeri jeung kasangsaraannana ka babaturan na eta.

Tesa                       : Atuh lamun kitu mah naha teu ukeun cerai tikamari

Ismi                        : Teu wantun Ca. Teu terang kedah kumaha. (bari ceurik)

Tesa                       : Lamun kersa mah, ku Abi bantosan bade? Abi gaduh kenalan pengacara.Tiasa tah jadi kuasa hokum salami sidang.

Ismi                        : Mangga

Tesa                       : Upami kitumah, enjing sina kadieu.

Ismi                        : Muhun

Siangna, Ismi ngalakukeun kagiatan jiga biasana. Tapi, aya anu aheng dina poe eta. Ismi  asa ngarasa aya anu nutur-nuturkeun manehna di pasar. Teu disangka-sangka, lalaki-lalaki anu nuturkeuna di pasar rek maehan Ismi di tengah jalan balik.

Gian                       : Neng, bade kamana? Didieu heula antosan!

Ismi                        : Aya naonnya?

……….                     : Alah… tong sok loba tatanya! (metot  leungeun Ismi)

Ismi                        : Naon ieu? Leupaskeun!

……….                     : Cicing! Ulah berontak lamun embung dinanaonkeun!

Alde                       : Woy! Erek naraon eta?

Gian                       : Sial, aya anu nempo.

……….                     : Kabur, moal bener.

Gian                       : Hayu

Alde                       : Teu nanaon neng?

Ismi                        : Teu nanaon. Nuhun A…….lde

Alde                       : (Ngaleos sateuacan Ismi  ngabereskeun omongannana)

Isukna, Tesa, jeung kuasa hukum anu geus dijanjikeun datang ka imah Ismi.

Tesa                       : Assalamu’alaikum

Ismi                        : Wa’alaikumsalam. Mangga karalebet!

Tesa                       : Tah, ieu anu saur Abi the.

Ismi                        : A..Alde?anu kamari?

Alde                       : Muhun. Punten kanggo anu kamari.Abi meni teu nyapa-nyapa acan.

Ismi                        : Henteu, teu kenging ukeun punten, aya ge Abi anu ukeun punten atos ngarepotkeun. Nuhun kanggo anu kamari.

Alde                       : Muhun. Wios langsung wae kana pamaksadan  ieu teh?

Ismi                        : Mangga teu langkung

Alde                       : Janten perkawis situasi na mah atos dijelaskeun Ku Tesa samemehna. Tapi ngemutan kajantenan anu kamari, aya kamungkinan yen tukang pukul anu kamari ngahaja dikirim ku caroge Ismi nyalira kanggo nyilakakeun Eneng.

Ismi                       : Naon hubungannana kajantenan kamari sareng caroge Abi?

Alde                       : Samemeh ieu Abdi atos nyiapkeun bukti kanggo kapersidangan. Abdi mendakan bukti yen caroge Eneng salingkuh ka awewe lain. Oge Abdi mendakan bukti yen kajantenan anu kamari teh akal-akalan caroge Eneng supados harta-harta atas nama Eneng pindah kapamilikan.

Ismi                        : …(nangis)… tega na A Adit

Alde                       : Ayeuna tenangkeun heula pikiran Eneng! Kasus ieu kedah di uruskeun saenggalna samemeh caroge eneng ngirim deui batur jang nyilakakeun Eneng.

Saenggeus ngabereskeun kaperluannana di imah Ismi, Alde langsung sigap ngalapor ka kantor polisi masalah ieu.

Adit                        : Kumaha? Aya deui kabar ti jelema sewaan anu kamari teu?

Sevtie                   : Euweuh puguh. Kamarananya?

Amoy                    : Kumaha atuh A?

Adit                        : Tenang yang! Euweuh-ueweuh teuing mah  Aa turun tangan langsung.

Amoy                    : Kitu atuh A. Cenah bogoh, kitu atuh buktikeun.

(Teu  lila, polisi datang ngagerebeg tempat eta)

Polisi 1                  : Punten, Pa Adit, Bu Amoy, sareng Bu Sevtie kudu ditahan kusabab kasus percobaan rajapati ka caroge sorangan.

Adit                        : Nanaonan ieu? Naon buktina?

Polisi 2                  : Ieu buktina. (bari mawa pembunuh anu disewa ku Adit)

Amoy                    : Embung, cicing! (berontak sawaktu ditewak polisi)

Adit                        : Sahenteuna urang teu papisah (ngadeukeutan Amoy)

Amoy                    : Henteu pa, henteu pipilueun. Ulah dipenjarakeun … (Ngajauhan Adit)…sagala kahayang bapa rek dicumponan asal ulah dipenjarakeunpa! … Pa! … Pa!

Polisi 1                  : Cicing! Ulah loba omong!

Saminngu ti dinya, Ismi, kuasa hukumna jeung kabeh anu patali jeung tuntutanna datang ka pangadilan pikeun minuhan panggilan persidangan.

(Adit diuk dina korsi anu geus disadiakeun bari dikawal ku 2 polisi)

Panitera               : Sodara Adit dituduh ngalakukeun tindak kajahataan percobaan rajapati ka caroge na sorangan dina tanggal 22 Februari 2018 anu tempatna di pasar liwat orang-orang titahanana babarengan jeung tersangka anu lainna.

Hakim 1                : Ngaran bener Adit Ardiansyah?

Adit                        : Muhun

Hakim 1                : Agama bener Islam?

Adit                        : Muhun

Hakim 1                : sodara Adit dipersilahkeun maca heula sumpah.

Hakim 3                : Kanggo katerangan ti korban, ka kuasa hukum korban dipersilahkeun macakeun katerangan kajadianana.

Alde                       : Sodara Adit dina tanggal 22 Februari ngalakukeun percobaan rajapati ka carogena sorangan. Motifna nyaeta rek ngambil alih harta kakayaan anjeuna. Oge salila hirup bareng sasuhunan jeung korban, sodara Adit sering ngalakukeun tindak KDRT ka korban, jeung tara nganafakahan lahir boh batin ka korban.

Hakim 3                : Bener naon anu geus disebutkeun ku kuasa hukum korban?

Adit                        : Muhun

Hakim 3                : Pernah kajerat ku tindak pidana samemehna?

Adit                        : Henteu

Hakim 2                : Aya pembelaan?

Adit                        : Aya

Hakim 2                : Sebutkeun!

Adit                        : Abdi ngalakukeun naon anu tadi tos disebutkeun kusabab hasutan batur.

Hakim 2                : pembelaan sodara bakal dijadikeun pertimbangan

Saenggeus sababara menit diskusi, ahirna hakim macakeun kaputusan ahir kasus eta.

Hakim 1                : Sodara Adit Ardiansyah dinyatakeun kabuktian bersalah ngalakukeun tindak KDRT jeung percobaan rajapati ka caroge na sorangan. Hukumanna nyaeta penjara salila 10 taun jeung masa percobaan salila 2 bulan.Masalah pipisahan jeung sodara Ismi bakal diuruskeun di pengadilan Agama.

(TOK….TOK…TOK…)

(Sadaya hadirin kaluar niggalkeun ruangan)

Alde                       : Alhamdulillah, ahirna beres oge.

Ismi                        : Muhun A.

Alde                       : Sing sabar, panginten ieu cocobi ti gusti. Mugi-mugi Eneng tiasa pendak sareng pameget anu tiasa ngabahagiiakeun Eneng salamina.Jantenkeun kajadian ieu sabage pangajaran kanggo hirup Eneng.

Ismi                        : Muhun A, aamiin.

Sikep Alde anu lemah-lembut ka Ismi sacara teu langsung ngahudangeun deui rasa bogoh anu baheula pernah pareum.Dina hatena, Ismi masih ngaharep bisa balik deui ka Alde.Tapi kusabab kahalangan ku  rasa asa boga salah anu baheula, Ismi ngerem rarasaanna sorangan. Ismi ngan ukur bisa ngado’a yen Alde bisa ngahampura kasalahannana anu baheula tuluy balik deui ka manehna jiga baheula.

Ismi                        : Sakali deui, nuhun kanggo sagalana.

Alde                       : Sami-sami

Ismi                        : A, emut keneh basa kapungkur nuju sasarengan keneh teu?

Alde                       : hmmh  naon kitu?

Ismi                        : Mugi-mugi Abi sareng Aa tiasa jiga (KRIIING……(sora telepon))kitu deui

Alde                       : Halo mah.

Dian                       : A, atos rengse teu acan?

Alde                       : Alhamdulillah.

Dian                       : Alhamdulillah. A, tiasa enggal uih teu?

Alde                       : Kunaon gening?

Dian                       :Teu kengingnyah istri anu nuju hamil muda hoyong dibaturan ku suamina?

Alde                       : Ya Allah…. Istri Aa nuju ogo-ogonanya?

Dian                       : Ih Aa mah, sok ngeleg

Alde                       : Muhun atuh, bade saenggalna uih.

Dian                       : Diantos saur dede bayi cenah

Alde                       : Muhun. Assalam’alaikum

Dian                       :Wa’alaikiumsalam warahmatullah.

Ngadenge obrolan Alde jeung awewe anu dina telepon, Ismi reuwas kacida. Teu kabayang ku manehna lalaki anu salila ieu nolongan di gigireunana geus boga caroge anu geus hamil. Dina sakiceup, harepan anu tadi kaluar leungit, ngocor saperti cai wahangan. Pikiranna poek saolah-olah aya haseup anu nutupan manehna jeung kaayaan disakurilingna.

Leave a comment